Naskah Lengser Shalawat Hikmatul Aulia


“ARTI SURAT ARRUM”

“Jeung diantara tanda – tanda kakawasaan ALLAH,
Geus diciptakeunnana pasangan hirup tina jenis maranehna,
Supaya aranjeun aya dina katenangan hate,
Jeung geus diciptakeunnana silih pikanyaah jeung pika asih diantara maranehna.
Saestuna nu kitu teh mangrupakeun tanda – tanda pikeun jalma anu mikir.”

“BUKA PAYUNG”
Bray payung geura bukakeun,
Geura gupay, geura hiap – hiap,
Urang papag rombongan ti calon panganten…

“OBROLAN LENGSER”
Sampurasun baraya… haturan wilujeng sumping,
Wilujeng tepang sareng Ama ti rengrengan grup Sholawat
HIKMATUL AULIA…
Ngan hapunten baraya…
Ari geus kolot mah, Ama teh geus loba nu karasa.
Dipasihan ibing Marawis ge geus beunang kana cangkeng…
Siap nayaga..?? Urang bageakeun tatamu ti rombongan Panganten Pameget,
Kumaha para dayang – dayang nu gareulis… parantos siap..??
Pruuung ah…

“KA SALAKI”
Bangga panutan…
Kiwari salira panutan abdi,
Sim abdi nyanggakeun sungkem kaasih.
Seja sumerah diri ngabakti,
Nyaggakeun badan sakujur.
Seja turut tumut ka salira, kuma wula
Geura tuyun sim abdi ka alam anyar.
Tuduhkeun kana jalan kabagjaan,
Anu pinuh ku ridho Gusti.
Malar salamet dunya aherat..!!

“KA INDUNG”
Ema… hapunten abdi ema, rumaos abdi lamokot ku dosa.
Ema… tingali ku ema, cisoca abdi mudal, dibarengan ras ku kasedih, tur bagja.
Sedih ras ku kanyaah ti ema, anu pinuh namplokeun kaasih.
Tikawit dikandung, dugi ka mangsa dewasa, ari bagja abdi ayeuna ema, rehing kenging widi Gusti, dipercanten ku Mantenna, mitambeyan Rumah Tangga, dipaparin abdi kana sunnah Rosul, beber layar tarik jangkar, luhur mapakan gunung, luas lir lebar lautan, hapunten abdi ema, hapunten, ka emut ema mun peuting teu weleh nyaring, sok sanajan abdi rungsing, tapi ema, teu rungsing malah ngawih ayun ambing.
Bray beurang tara iyeuh aral subaha, tara ngarasula, sanajan kariweuh loba, tetep tueksa, nimbang buah ati kembang soca.
Ema… abdi teu daya teu upaya, abdi sumujud tur ngadu’a, ka Mantenna, Mugi Allah ngabales kana jasa – jasa ema.
Abdi miharep ema dijantenkeun jalmi ahli surga salamina,
Kenging rahmat ridho Mantenna,
Di auban ku pitulung, salamet dunya aherat.

“KA BAPA”
Bapa… bapa teh papayung rahayu,
Bapa teh tangkal darajat,
Bapa teh lautan hampura.
Boh bilih abdi kirang duduga peryoga,
Bapa ulah kirang ngahapunten ka abdi.
Sagala kanyaah, kaasih bapa ka abdi
Taya papadana. Kacinta abdi
Sumelap ngaragayasa abdi nampi taya hinggana.

Bapa teh kacida ageung jasana, rumawat, ngaping ngajaring, ti peuting ngajaga, ngariksa, mangsa datang beurang, toweksa mancen tugas ti Gusti.
Sangkan abdi janten jalmi solehah sumujud ka Gusti, sumujud ka Ibu Rama bakti ka Agama jeung bakti ka Nagara.

Bapa… pileuleuyan abdi bapa…
Kiwari abdi manjing wanci nu mustari seja lumaku,
Ngabdi diri kanu jadi Salaki.

“Nawaetu mitambeyan muka panto Rumah Tangga anyar, poma
jajapkeun abdi ku pangdu’a, malar hurip diri, waras badan, waluya salamina.
Di barung di auban ku ridho tur kamurahan Gusti.”


Robighfirlii waliwalidayya, warhamhumaa, kamaa robbayaa nishoghiro...
0 Responses